Susunan Acara Drama
“CUMI KEPO CARITA BUHUN”
- Pembukaan ( Perkenalan )
- Drama ( Materi )
- Iklan ( 3 Iklan )
- Quiz ( 5 Pertanyaan )
- Penutupan
Pemeran dan Panokohan :
- Ahmad Adriansyah Salaku Cumi ( Budak Wanian )
- Ahmad Soleh Salaku Soleh ( Budak Religius Jeung Panakut)
- Akbar Ramadhan Salaku Pak ReTe Jeung Jalma Kasurupan
- Avysha Hasanta Salaku Asha ( Budak Oneng)
- Jordan Pantouw Salaku Pameran Iklan, jalma kasurupan, jeung Host
- Rizcky Firmansyah salaku Juru Pantun jeung Host
- Rokhimah Imawati Salaku Ima, nini-nini, jeung Host
- Windy Yuliani Salaklu Bu Rete jeung pemain suling
INI CONTOH CARITA BUHUN MENGGUNAKAN IKLAN :) DAPAT DIPARODIKAN DAN DITAMPILKAN :) SEMOGA BERMANFAAT :)
“Box office Cumi kepo carita buhun rek sagera di mulai
ulah kemana-mana tetep di cumi kepo carita buhun, ngan di dieu”
ulah kemana-mana tetep di cumi kepo carita buhun, ngan di dieu”
PROLOG: “Di taman aya tilu urang anak anu keur ulin. tuluy aya nini-nini liwat di hareup maranéhanana.
SE :(Lingsir Wengi)
Nini : “ ( megang si Cumi ) “
Cumi : " aya naon ni?”
Nini : " euweuh nanaon. tétéla salah sahiji ti maranéh aya anu boga turunan pikeun jadi juru pantun"
Soleh : " juru pantun téh naon ni?"
Nini : " ieu buku petunjuk pikeun maranéh " (langsung indit)
Cumi : " aya naon ni?”
Nini : " euweuh nanaon. tétéla salah sahiji ti maranéh aya anu boga turunan pikeun jadi juru pantun"
Soleh : " juru pantun téh naon ni?"
Nini : " ieu buku petunjuk pikeun maranéh " (langsung indit)
IKLAN (KOPI LUWAK)
Barudak indit ka désa bambu hideung.
SE: (Burung Hantu )
Asha : "Coba maca bukuna"
Cumi : " Carita buhun atawa leuwih ka sohor ngarana carita pantun nyaéta carita anu biasa di
lalakonan ku juru pantun dina pagelaran ruatan ( ritual ) anu disebut
mantun.
tempo tempo dihandapeun buku ieu aya bacaan, lamun maranéh geremet datang waé ka désa bambu hideung."
Soleh : " Astagfirullah ieu téh naon? ulah percaya kana tahayul!"
Asha : “ Saerém pisan enya “
Cumi : " Hayu urang téang weruh maksud ti buku ieu "
Asha : “ Saerém pisan enya “
Cumi : " Hayu urang téang weruh maksud ti buku ieu "
*Ket: SE= Sound Effect
Nepi
ka di désa bambu
hideung
SE: (Hantu Nangis)
SE: (Hantu Nangis)
Asha : "ieu téh saerém bangat enya"
Soleh : " terus urang daék kamana ayeuna? "
Cumi : " tuh aya imah, hayu urang kaditu pikeun téang weruh"
Cumi,
Asha, Soleh : “Assalamualaikum…”
Windy :"néangan saha enya?"
Cumi :" kieu bu, tadi urang di béré buku anu judulna carita buhun. ieu téh maksudna naon enya bu?”
Cumi :" kieu bu, tadi urang di béré buku anu judulna carita buhun. ieu téh maksudna naon enya bu?”
Asha :“Di buku ieu the aya ngaran desa ieu bu”
windy : " Enya di désa ieu téh masih aya carita buhun anu sok dipegelarkeun, lamun di désa-
windy : " Enya di désa ieu téh masih aya carita buhun anu sok dipegelarkeun, lamun di désa-
désa séjén mah geus arang"
Akbar : " Carita pantun atawa lalakon pantun téh, nyaéta carita anu biasa dilalakonkeun ku
jurupantun
dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Nurutkeun kabiasaan mah
pagelaran
mantun téh lumangsungna meh sapeuting jeput ti mimiti bada Isa nepi ka Subuh
(Iskandarwassid, 1992: 100). Dina magelarkeunnana aya bagian anu digorolangkeun
jeung aya bagian anu dihaleuangkeun, bari dipirig ku sora kacapi. Carita anu
dipantunkeun téh sagemblengna ditalar ku juru pantun. Ku kituna, carita pantun téh
kaasup kana golongan carita rayat, pituin bogana urang sunda anu sumeberna
sacara lisan. Nya hal ieu pisan, di antarana, anu ngabalukarkeun ayana rupa
rupa versi carita dina carita pantun. Carita pantun biasana dipagelarkeunana
henteu sagawayah, tapi kudu nyumponana rupa rupa pasaratan boh ku juru
pantun(anu rek magelarkeunana) boh ku nu boga maksud (hajat). ”
Soleh : “ Naon pasaratan na téh nya?”
Akbar : “ Éta pasaratan téh mangrupa pasaratan lahir
jeung batin. Naon sababna pangna kitu?
Ieu hal aya patalina jeung anggapan jurupantun yén lalakon anu
dipantunkeunana téh saéstuna memang baheula bener aya dikieuna. Parakaruhun
salawasna ngalingling ti alam goib.
Ku
sabab kitu, ceuk juru pantun, saméméh mantun téh kudu amitan heula supaya
meunang idin jeung kasalamétan boh keur jurupantun, keur nu boga hajat, boh
keur nu lalajo.
Ari jurupantun anu sok mantunkeun lalakon pantun téa,
nilik umurna mah, kalolobaanana geus karolot, antara 60 taun ka luhur. Atuh
pisikna ogé jurupantun téh lumrahna teu séhat lantaran socana teu ningal.
Tapi aya ogé jurupantun anu séhat
jagjagwaringkas, socana normal. ”
Asha : “ Tadi bapa nyebatkeunaya pasaratan lahir
batin dina carita pantun, naon bae éta the enya?“
Windy : “ Pasyaratan lahir biasana mah mangrupa
sasajén rupaning: kadaharan, inuman, bubuahan, roko, jeung parupuyan. Ari
sasajén parawanteni kayaning
kadaharan bubur beureum – budar bodas, tumpeng, tangtang angin, bakakak hayam,
endog, béas, jeung sabangsaning beubeutian. Sasajén nu mangrupa inuman,
saperti: cai herang, cai kopi, rujak cau, rujak roti jeung dawegan. Sasajén nu
mangrupa roko kayaning: surutu, roko bodas, salémpéng bako, tékték, jeung 7
rupa kekembangan anu diasupkeun kana jero bokor kuningan nu geus dieusi cai.
Bubur beureum jeung bubur bodas ngalambangkeun asas lalaki (bodas, Dunia Atas) jeung asas kawanojaan (beureum, Dunia Manusia). Sangu tumpeng
anu di jerona aya endog jeung kentang ngalambangkeun gunung nu mangrupa poros
kosmos (axis mundi) anu nyambungkeun
dunya manusa jeung dunya luhur. Tangtangangin anu wangunna segi ioat
ngalambangkeun opat arah mata angin di jagat raya anu baris nangtukeun ayana
mandala. Bakakak hayam bodas ogé ngalambangkeun dunya luhur. Endog
ngalambangkeung ayana awal kahirupan jeung mangrupa bibit pagawéan anu bakal
karandapan ku sakabéh manusa.
Béas
ngalambangkeun hal atawa perkara anu ngalantarankeun manusa bias hirup. Duit
récéh ngalambangkeung harta kekayaan (dunyabarana). Beubeutian (ubi jalar jeung ubi kayu) ngalambangkeun lalaki jeung awéwé. Kakacangan lambang
awéwé, sedangkeun roko, surutu, jeung tiwu ngalambangkeun lalaki. Gula batu
(bodas) jeung kopi (hideung) ngalambangkeun asas lalaki jeung awéwé ti dunya
luhur jeung dunya manusa. Daun cau ngora ngalambangkeun pasti maotna manusa
jeung kahirupan anyarna di dunya luhur. Dawegan anu dipolongoan terus diasupan
tangkal hanjuang, disurahan ngahijina asas lalaki jeung asas awéwé, dunya luhur
jeung dunya manusa. Tah,
hadirna dunya luhur jeung dunya manusa téh mangrupa sarat kasalamétan,
karahayuan, kasejahteraan, jeung kasuburan. Ayana 7 rupa bungbuahan jeung 7
rupa kekembangan disuarahan minangka ayana tujuh urang pohaci nu nyaosan
kabutuh pétani. Éta tujuh pohaci atawa widadari téh ngawakilan cai, paré,
daging, buah, laut (uyah), tuak, miras, jeung lalab - lalaban nu jadi kabutuh
poko masarakat tani pikeun hirup terus salamet di ieu dunya. Lian ti éta aya
deui sasajén séjén mangrupa parukuyan, pangradinan, jeung panyinglar.”
Cumi : “ Kok aya pasaratan lain nya”
Windy : “ parukuyan atawa
parupuyan, nyaéta alat nu mengrupa wadah pikeun meleum menyan atawa dupa. Lamun
éta menyan dibeuleum haseupna kaambeu seungit. Hal éta téh disurahan minangka
hiji medium indrawi nyambungna dunya manusia jeung kosmologi dunya luhur dina
system kepercayaan dina jaman anu tangtu. Haseup menyan the mangrupa hiji alat
nu dianggep bias manggil para dewa, batara, hyang, malahan paranabi,
paramalaikat, paraarwah raja supaya turun ngahadiran pagelaran pantun nu rek
dilalakonkeun. Éta sakabehna aya dina rajah carita pantun seperti nu nyamuni
dina ungkara “bul kukus mendung ka manggung” . pangradinan mengrupa tempat
pikeun nendeun alat-alat kecantikan tradisional keur parawanoja, seperti minyak
kelapa, minyak seungit séréh, jambé, kembang eunteung jeung sisir, dihartikeun
minangka sasajeun keur dunya luhur anu miboga asas kawanojaan, bias jadi keur
parapohaci jeung sunan Ambu. Éta sasajén the mangrupa gejala kepercayaan
primordial agama asli di Indonesia, sedangken system kepercayaan anyar,
hindu-budha tantra hadir dina ungkara rajah. “
Soleh : “ teras teras lamun pasaratan batin na the
naon?”
Akbar : “Ari nu disebut pasaratan batin nyaéta pasaratan anu kudu dicumponan ku
jurupantun saperti tirokat atawa puasa anu lilana antara 3-7 poé saméméh
pagelaran mantun. Ieu hal téh gumantung kana kadar karamatna carita pantun
nurutkeun anggapan juru pantun.”
Cumi : “ Oh jadi kitu enya, mani serem pisantapi
nyieun urang panasaran. Teras carita buhun kan carita nu tos lami pisan nya bu,
sajarah na the kumaha?”
Windy : “Aya
anu boga anggapan yén carita pantun téh gelar dina abad ka-14. Demi anu jadi
alesannana lantaran dina carita pantun umumna nyabit-nyabit kaayaan Karajaan
Padjajaran. Éta pamanggih téh aya anu ngawada (nolak) lantaran aya carita
pantun anu geus gelar jauh saméméh ngadegna Karajaan Padjajaran. Anu jadi
alesanana, dina carita Pantun Ciung Wanara anu dicaritakeun téh Karajaan Galuh
jeung carita pantun Lutung Kasarung anu dicaritakeun
téh Karajaan Pasir Batang. Ari carita pantun anu kamashur
téh aya bagian anu disebut rajah, aya bagian anu dicaritakeun, aya bagian anu
dipagunemkeun, jeung aya bagian anu di haleungkeun. Umumna rangkay carita
pantun téh angger bae kitu. Dimimitian ku rajah pamuka, ditema ku mangkat
carita, nataan karajaan jeung nu boga lalakon,di dinya tuluy ngalalakon.”
Cumi : “ Di
desa ieu the masih aya nu sok ngayakeun pagelaran mantun teu bu?”
Windy : “ Aya da urang mah sok ngayakeun pagelaran
pikeun ngelestarikeun budaya sunda”
Cumi : “ dimana? Dimana? “
Windy : “ leuwih alus maraneh ulah ningali, da
maraneh mah can mahi umur:”
Asha :” enya anggeus atuh nya bu, urang bade
mulih:”
Cumi : “ Hatur nuhun infona”
Iklan
(oreo afika)
“Asha,rokhimah
dan windy “
Cumi
: “Eh hayu atuh
urang téangan dimana diayakeunana anu rek mantun téh!”
Soleh
: “ Astagfirullah…. ulah atuh bisi kunanaon.”
Asha
: “ Tu tingali aya
naon di ditu.”
Asha, Cumi, jeung Soleh Icing-Icing ningali aya anu
pagelaran mantun.
(Maranehna liat Juru Pantun jeung aya anu kasurupan)
SE : ( Tembang Juru Pantun )
*Ket: SE= Sound Effect
QUIZ :
1. Sebutkeun
pasaratan lahir dina pagelaran pantun!
2. Naon
anu dimaksud parukuyan ?
3. Sabaraha
lami pagelaran pantun téh di
ayakeun?
4. Carita Pantun téh geus aya
ti abad baraha?
5. Saha waé tokoh-tokoh anu ya di Box Office Cumi Kepo Carita
Buhun?
Jawaban :
1.
Sasajén
rupaning: kadaharan, inuman, bubuahan, roko, jeung parupuyan. Ari sasajén parawanteni kayaning kadaharan bubur
beureum – budar bodas, tumpeng, tangtang angin, bakakak hayam, endog, béas,
jeung sabangsaning beubeutian. Sasajén nu mangrupa inuman, saperti: cai herang,
cai kopi, rujak cau, rujak roti jeung dawegan. Sasajén nu mangrupa roko
kayaning: surutu, roko bodas, salémpéng bako, tékték, jeung 7 rupa kekembangan
anu diasupkeun kana jero bokor kuningan nu geus dieusi cai.
2.
Alat
nu mengrupa wadah pikeun meleum menyan atawa dupa. Lamun éta menyan dibeuleum
haseupna kaambeu seungit.
3.
Bada
Isa nepi ka Subuh.
4.
Abad
ka-14.
5.
Cumi , Soleh ,Pak ReTe ,Asha ,jalma kasurupan ,Juru Pantun, Ima, nini-nini, Bu Rete.
0 komentar:
Posting Komentar